Press "Enter" to skip to content

NADOM DUA PULUH PERKARA NU NGARUKSAK SOLAT

0

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ

Bismillâĥirrohmânirrohîm

اَللّهُمَّ صَلِّ عَلى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ

Allôĥumma Sholli Âlâ Sayyidinâ Muhammad, Allôĥumma Sholli Âlâyĥi wa Sallim

صَلِّ وَسَـــلِّمْ دَائِــــمًا عَلَى احْمَدَ 

  وَاْلآلِ وَاْلأَصْحَابِ مَنْ قَدْ وَحَّدَ

1

Dua puluh rupa nu ngaruksak solat

Ulah dilakukeun sanajan saliwat

Sering dilakukan pasti bakal gawat

Sabab bisa henteu ditarima solat

2

Nu kahiji hadas rek leutik rek gede

Dihaja jeung henteu eta sarua bae

Hadas leutik diberesihkeun ku wudu

Hadas gede diberesihkeun ku adus

3

Dua antel najis baseuh atawa garing

Kana pakean atawa awak urang

Tilu muka orat kalayan dihaja

Lamun teu dihaja sok tutup harita

4

Kaopat nyarita kalayan dihaja

Sanajan sahurup bari ngandung makna

Kalima loba usik terus-terusan

Atawa ngagerakeun sakabeh badan

5

Nu kagenep mengkol tina arah kiblat

Kecuali ukur beungeutna nu solat

Tujuh sakur nu ngabatalkeun puasa

Saeutik dahar nginum bari dihaja

6

Dalapan dahar atawa nginum loba

Sanajan dilakukeuna teu dihaja

Kasalapan tiap rupa pagawean

Ngaluarkeun sora sanajan sarupa

7

Saperti seuri ceurik jeung humaregung

Oge ngarenghos dedehem jeung marurung

Mun beresin batuk heuayna direka

Eta sarua ngabatalkeun solatna

8

Kasapuluh motong hiji rupa rukun

Pagawean solat nu geus jadi tangtu

Saperti rusuh cengkatna tina ruku

Samemeh tumaninah anggota ruku

9

Kasabelas ngahaja nambahan rukun

Saperti nambah sujud atawa ruku

Kecuali pikeun ma’mum anu masbuk

Nu teu bisa bareng imam dina ruku

10

Dua belas manjangkeun bari dihaja

Kana babacaan dina i’tidalna

Leuwih ti fatihah jeung dina diukna

Antara dua sujud dilila-lila

11

Nu katilu belas husus pikeun ma’mum

Tinggaleun dua rukun tina imamna

Opat belas oge husus pikeun ma’mum

Miheulaan dua rukun ti imamna

12

Nu kalima belas mah bahaya pisan

Nyaeta murtad kaluar tina Islam

Genep belas tembong sabagian suku

Pikeun jalma nu solatna disapatu

13

Tujuh belas ragu-ragu dina niat

Naha ieu solat naonna teu inget

Dalapan belas niat kaluar solat

Samemeh salam nu jadi ahir solat

14

Salapan belas tuluy-tuluyan ragu

Rek kaluar solat ta henteu teu tangtu

Bari solatna masih keneh dilaku

Sabab kagoda setan jeung hawa nafsu

15

Nu kadua puluhna mah ganti niat

Nyaeta ti niat fardu kana sunat

Maka solat farduna teh can dianggap

Geus dilakukeun sabab diganti niat

16

Tah eta perkara nu ngaruksak solat

Kudu diapal jeung kudu terus inget

Mun solatna puraga tanpa kadenda

Kudu sieun bilih Gusti teu narima

Baca juga NADOM PERTELAAN MA’RIFAT

Tinggalkan Balasan